BLOGGER TEMPLATES AND TWITTER BACKGROUNDS »

Selasa, 27 Desember 2011

Lelucon

SAHA NU SALAH??

Harita teh poe Senen. Isuk-isuk keneh Nini kuring datang ka imah. Maksudna rek ngarecehkeun duit keur ongkos budakna ka Sakola. Gek wae si Nini diuk. Bari pok ngomong kieu, ”Si Ujang titah mawa alas ka Sakola ku Wali Kelasna. Tapi ngan ukur mawa 3. Moal dicarekan kitu?”, ”Moal meureun, Ni”, tembal indung kuring. Pikir kuring mah lamun mawa alas teh aya acara di Sakolana.

Jam satengah 8 si Ujang aya ka imah kuring. ”Alo, rek nginjeum papan jang ujian. Aya teu?”. ”Oh, papan krani? Aya”, tembal kuring. Balik deui we budak teh ka Sakolana. Sakeudeung kuring ngahuleung. Si Ujang miluan puisi kitu dina acara Sakolana?

Ba’da lohor, Bibi kuring nu jadi Guru di Sakola si Ujang nyarita ka indung kuring bari seuseurian. Atuh kuring teh panasaran hayang apal. Sihoreng Wali Kelasna nitah ka sakabeh kelas VI mawa alas/papan krani jang Try Out Ujian Nasional. Ari si Ujang kalah mawa alas/berekat nu eusina sangu, endog sabeulah jeung emi.

Atuh paingan si Ujang mulang deui ti Sakola rek nginjeum papan krani nu kuring. Ger wae kuring seuri teu eureun-eureun. Terus alas nu 3 teh ku si Ujang didahar 1, 2 deui mah ka Guru keun. Aya ku kituna budak teh? Hehe..

FACEBOOK

Hiji waktu, kuring balik ti Sakola naek angkot. Kasampak aya budak awewe SMP keur nelepon. Kuring diuk gigireun eta awewe. Kusabab diloudspeaker-keun eta HP, nu keur ditelepon teh lalaki. Meureun kabogohna. Da meni mesra kitu. Eusi omongan teh perkara Facebook nu keur booming tea harita mah. ”Aa, Aku udah nge-Add FB Aa. Tolong konfigurasi ya? Biar bisa komunikasi”, ceuk eta awewe make basa Indonesia. Kuring ngajenghok, geuning konfigurasi?

Ingetan kuring harita kana pelajaran Kimia nu diajarkeun isuk-isuk di Sakola, ngabahas Konfigurasi Elektron. Dina hate, kuring seuri ngagakgak.

Ganti kitunya Facebook ayeuna ku konfigurasi? Lain ku konfirmasi? Hehe..

TERLALU SEMANGAT

Dina hiji pangajian, eta Mubaligh teh kasohor ku tegasna dina nepikeun eusi ceramah. Leungeunna acung-acungan siga nu keur orasi atawa demonstrasi. Eusi ceramah harita ngeunaan siksa naraka. ”Orang yang selalu berbuat dosa dan kejahatan, maka oleh Allah SWT akan dimasukkan ke dalam Neraka Jahannam Shollallohu ’Alaihi Wasallam”, ceuk eta Mubaligh dari sumanget nepikeun eta ceramah. Keheula?! Geuning Neraka Jahannam SAW?

Ger wae eta hadirin pangajian teh seuri teu eureun-eureun. Sabab lentong ngucapkeun Neraka Jahannam sarua jeung Nabi Muhammad. Jadi we ditungtungan ku Shollallohu ’Alaihi Wasallam. Sumanget teuing nya, Pa?Hehe..

C. U. L. I. K

Sekarang ini banyak beredar info tentang penculikan Dan ternyata menurut pihak berwajib, itu hanya isu belaka. Saking gencarnya kasus penculikan, maka lirik lagu salah satu Band Indonesia yang lagi ngetrend, dengan judul andalannya C.I.N.T.A pun diubah oleh anak-anak kampung menjadi: ”Bertahan satu Cuuuuuulik. Bertahan satu C.U.L.I.K”. Hahay...

SIRUP MARJAN

Assalamualaikum..

Ada kabar pagi neh. Ada pemberitahuan bahwa Mbah Surip bertemu dengan Mbah Maridjan di akhirat. Jadi diresmiin aza menjadi Sirup Marjan, hehe...

KA MEKKAH

Bilih hoyong ka Mekkah ditaun ayeuna baca suratYasin 3 balik ba’da sholat subuh. Mun can angkat, tambihan ku surat Al-Waqiah 3 balik. Can angkat keneh wae, tambihan ku surat Ar-Rahman 3 balik. Teu angkat keneh?? Tambihan ku Surat Tanah jeung Surat Imah, jual keur ongkos. Dijamin angkat gera, hahay...

0 komentar: